Beberapa Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda [Updated]
Beberapa Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda [Updated]

Beberapa Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda

Bagaimana kabarnya? Semoga anda semua yang membaca artikel ini selalu dilimpahkan kesehatan dan kelancaran rezeqi juga urusan dalam hidupnya. Pada kesempatan kali ini saya akan mencoba memberikan beberapa contoh pidato perpisahan bahasa Sunda.

Setelah beberapa waktu yang lalu saya memberikan sedikit contoh mengenai pidato singkat tentang kebersihan. Yang dengan itu bertujuan, agar bisa dijadikan rujukan atau referesni awal sebelum anda mencoba untuk menulis dan berpidato dengan versi anda seutuhnya. Yuk disimak!

Beberapa Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda

Contoh 1:

Assalamu’alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh. pidato perpisahan bahasa sunda

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas …
Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun sunnah anjeuna, kalebet urang. Aamiin.

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.

Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.

Hapunten Pa… Hapunten Bu…
Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng Bapa.
Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi sadayana.

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

Pa… Bu… pidato perpisahan bahasa sunda

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup, namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng nyerep dina hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang… Nyi… Elmu mah moal beurat dicacandak. Upami janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina tambih tungkul.

Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna panginten ku rengrengan nu sanesna.

Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas … . Hatur nuhun kana sagala perhatosanna.

Di tutup ku doa
Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

Wassalamu alaikum wr wb

Contoh 2:

Assalamu’alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh.

ALHAMDU LILLAHI, RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ‘ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung …………………. Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna. Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah serta bapa-ibu guru sadayana.

Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina ngadidik,ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawekalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun. Sajabi ti eta simkurin’g oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring’ sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuringydiajar di sakola ieu, sehingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.

Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos a’bot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring. Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudahmudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganaNa.

Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seueurna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya perilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal citacita simkuring sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Contoh 3:

Assalamu’alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh. pidato perpisahan bahasa sunda

ALHAMDU LILLAHI RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ’ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.

Bapa ngucapkeun syukur Alhamdulillah ka Pangeran Nu Maha Kawasa ku ayana hidep geus lulus tina ujian akhir kalawan nilai nu cukup ngagumbirakeun, eta kabeh hasil tina jerih payah aranjeun ngagunakeun waktu pikeun soson diajar. Moal sababaraha lila deui hidep bakal ninggalkeun ieu patempatan, tempat hidep diajar, tempat hidep nyiar elmu, oge sajabana eta hidep tangtu bakal ninggalkeun ibu-bapa guru.

Hidep sadayana! Ti. bapa amanat keur hidep di mana bae ayana poma ulah dugikeun ka poho kana kawajiban urang salaku manusa, gunakeun hirup hidep eta sahade-hadena, mungpang-meungpeung hidep masih keneh ngora, te’ruskeun nungtut elmu teh nepi ka hidep hasil ngahontal cita-cita anu dimaksud. Malahan jungjunan urang sadaya marentah sangkan terus nyiar elmu pangaweruh sahingga nepi kana liang kubur, nu hartina; salila urang hirup diwajibkeun nungtut elmu pangaweruh, pikeun bekel hirup tur kahirupan urang sarerea. . Salah sahiji katerangan hadits Rasulullah SAW. netelakeun kieu

‘ THALABUL ‘ILMI FARIDLATUN ’ALA KULLI MUSLIMIN WAL MUSLIMATIN MINAL MAHDI ILAL LAHDI. ”

Kawajiban nyiar elmu teh ti mimiti lesot tina aisan nu jadi indung nepi kana liang kubur. ” Kabagjaan teh hiji hal anu ku sarerea dipikahayang, sagala rupa oge aya jalanna, jalan ka surga nyaeta elmu. Surga tujuan akhir tina sagala kahirupan, surga teh hiji tempat anu pinuh ku kani’matan Pangeran. Pikeun ngaronjatkeun kabagaan surga teh perlu sarana, di antarana taqwa, nyaeta ngalaksanakeun sagala parentahNa jeung ngajauhan sagala anu dilarangNa. Ku taqwa pasti surga bakal kahontal, sabah surga teh disadiakeun pikeun jalma anu taqwa, sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur’an sura Ali Imran ayat 133:

WASAARI’U ILA MAGHFIRATIN MIRRABBIKUM WAJANNATUN ’ARDLUHAS SAMAAWAATU WAL ARDLU U’IDDAT LILMUT‘ TAQIN.

”Jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah jeung surga anu legana sarua jeungpirangpirang langit katut bumi, anu dicawiskeun pikeun jalmajalma anu taraqwa. “

Elmu nu ku hidep katampa masih keneh saeutik, ku sabah kitu teruskeun sakola hidep sangkan hidep jadi jalma anu pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Dawuhan Allah dina Al Qur’an nu hartosna; Bejakeun ku maneh Muhammad lamun mah lautan jadi mangsina (pikeun nuliskeun kalimah-kalimah Allah) pasti bakal beak eta lautan samemeh beak ditulis kalimah-kalimah Allah sanajan ditambah sakitu deui.

Sakitu ti bapa mudah-mudahan jadi bahan peringetan pikeun hidep dimana hidep tangtu bakal paanggang jeung bapaibu guru di dieu, sarta bapa ngadorong ku do’a pikeun hidep sarerea, bral geura miang nyiar luang pikeun bekel kahirupan hidep.

Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh. pidato perpisahan bahasa sunda

Contoh 4:

Assalamu’alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh.

Bapa sareng ibu guru anu ku simkuring dipikahormat. Rerencangan sadayana anu ku simkuring dipikacinta. Mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina waktos ieu urang sadaya tiasa kempel dina kaayaan sehat wal’afiat. Oge shalawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW.

Bapa / ibu guru anu ku simkuring dipikahormat sareng rerencangan anu ku simkuring dipikacinta, simkuring nyuhunkeun waktosna wirehna dina waktos ieu simkuring ngawakilan rerencangan kanggo ngadugikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Urang henteu karaos parantos genep taun sakola didieu. Urang henteu karaos wirehna ayeuna teh minangki puncak waktos urang sadaya kelas genep bakal papisah ti sakola ieu. Dina waktos anu sae ieu, henteu hilaf simkuring ngawakilan rerencangan sadayana ngahaturkeun rewu nuhun ka bapa sareng ibu guru anu parantos ngaping simkuring sadayana salami genep taun.

Mugi-mugi sagalarupi anu parantos  diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa mangpaat boh kanggo urang sadayana boh kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi sadaya amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin YRA.

Rupina dicekapkeun sakitu ti simkuring anu ngawakilan rerencangan sadayana. Kirang langkungna sareng bilih aya cariosan anu kirang merenah simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb pidato perpisahan bahasa sunda

Contoh 5:

Assalamu’alaikum warahmatullaahi wa barakaatuh.

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu
Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep.

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Demikianlah beberapa contoh mengenai pidato perpisahan bahasa sunda, semoga bermanfaat.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *